Sajak Yasana Yus Rusyana
Yus Rusyana
TUKEURAN IEU SAJAK
Tukeuran ieu sajak
Ku salambar simbut atawa samak saheulay
Heug rungkupkeun ka barudak anu teu kaburu heuay
Pating golepak dina trotoar
Tukeuran ieu sajak ku beas wuluh atawa heucak
Heug sidkahkeun ka nu haropak
Anu mangkuk di saung atawa di kolong sasak
Tukeuran ieu sajak
Ku sababaraha siki pelor
Heug tembakkeun kana genggerong koruptor manipulator
Sina enya kalojor
Tukeuran ieu sajak
Ku beubeutian tina kalbu anu rido
Keur nyebor anu balangsak
(lamun teu kitu sasaak)
Ciliwung 19 Juli 1966 Hadi AKS
HUJAN DI BURUAN
Hujan di buruan
lain cimata
tapi kakelar nu tinggarendang
na daun-daun pandan
Di dieu aya kénéh angin
nu ngalaong ti tungtung lembur
basa peuting beuki jauh
haté dibawa tilem laun-laun
Geura reureuh ka dieu
kana liliuh peuting
unggal mata nu katideresa
atawa impian nu kalunta-lunta
Hujan tinggal sesana di buruan
tapi aya kénéh kalangkang bulan
jeung langit beresih
dina riak cileuncang
1996
Rahmat M. Sas. Karana
BULAN
Teuteup ka langit
ka bulan bunder keur imut
béntang rapang sidéngdang di langit lénglang
Barudak ulin di buruan
‘Na beungeut bulan nu ngempur konéng
aya kalangkang ngelemeng hideung
Nini Antéh jongjon muter-muter kincir
ngawiletan kantéh tinuneun
kapasna méga nu bodas
Lila temen Nini Antéh teu daékeun eureun-eureun
ninunna mani ngadeluk
lawonna meureun geus numpuk
Upama ninun geus parat, Nini
turun ka dunya bawa lawon masing loba
jang budak nu keur gobag ditaranjang
sing walatra bagi sabajueun séwang
Pangandaran, 1964
Risnawati
DU’A
Gusti,
Kongkorongan ieu haté
ku borélakna siki tasbé
jeung dzikir na unggal lilir
sangkan teu bisaeun mungkir
kana hakékatna takdir
Gusti,
céboran ieu rasa
ku weningna ayat Qur’an
jeung luhurna darajat iman
sangkan ajeg na tangtungan
muntang ka Anjeun Nu Maha Héman
Gusti,
papaésan ieu raga
ku éndahna ahlak mulya
jeung léngkah nu ngawirahma
sangkan diasih sasama
sangkan hirup nyanding bagja
Gusti,
ieu haté, ieu rasa, ieu raga
kuring teu ngaboga-boga.
Éddy D. Iskandar
SUNDA
( keur Rahmat M Sas Karana)
Pancuran, pancuran kula
walungan, walungan kula
lautan-lautan kula
cikahuripan
awaking
Tanggal bagja tangkal tengtrem
daun hirup daun hurip
sawah deudeuh sawah nyaah
sukma waluya
ngajega
Taneuh maneuh taneuh galeuh
jeg ajeg tohaga raga
dicangcang ku sora degung
ditenung ku sora degung
diélingan cianjuran
hung ahung
nganteng na jajantung
Ino Misno
SARAKAN URANG
Tina kasémahan deungeun
Jadi pahili angeun
Dayeuh dirajah
Sémah jadi ngareunah
Dayeuh maneuh kadeudeuh
Sarakan urang
Digadabah
Jiga nu teu boga peurah
Lamun nu boga imah
Tepi ka kudu ingkah titirah
Mangkadé,
Gancang geura nguniang
Ulah tibra saré
Bisi ku sémah kapépéndé.
SAJAK PIKEUN SMP/MTs
Étty RS
SAJAK BAJIDORAN
Gitek saha nu miteskeun dahan angen
dina ketak nu teu nyampak tepak kendang
basa lagu dikungkung laras, bet nguniang
wawanén ngamaénkeun nu disengker kahéngkér
‘na gumuruh gamelan nu ditalikung wiletan
‘na saha nu ngaheumpeungkeun sora goong
‘na saha nu madakeun lagu silung
lebar temen mun ringkang tinggal dangiang
bongan ibing dipirig gending teu manjing
aya laras katambias ‘na ulekan
ulekan kateuyakinan kana kaluhungan ciciptan
Geus mangsana urang ngababakan
dina cangkingan budaya nu pinuh tangtungan
Bandung, Oktober 2003
Rosyid É. Abby
DONGÉNG TI NAGRI MANABOA
Aya nu ngajual kamanusaan
mangsa tirani ngabuburak iman
Aya nu téga korupsi
mangsana usum babagi rejeki
Aya nu werat nelasan pati
mangsana urang kudu ngahiji
Mangsa batur keuna cocoba
urang mah riweuh ngatur-ngatur sawala
Hasilna dirumus-rumus
ukur cukup keur ngeusian kamus
Sababaraha patalékan jeung pasualan
ngan wungkul jadi catetan
Wungkul jadi catetan
Tasikmalaya, awal 1993
Toni Lesmana
TARAWANGSA
Peuting meuleum sajak
Dina parukuyan
Kebul-kebul
Tarajé ka alak paul
Wirahma langit
Jeung bumi. Sanget temen
Nu mangkat
Angseu taneuh jeung seungit matapoé
Dijentréng-jentréng
Dikését-kését
Kacapi parahu waktu
Rebab pangwelah rasa
Di tengah laut igelan. Reundeuk
Ulah teuing dipanteng
Sina ngangkleung, kleung
Ieung, kuring palid ka mana boa
Nyawang jangjang pulas panén
Aya nu usik, boa karémbong
Leungeun-leungeun gaib
Ngaléng batin. Ngajak lumampah
Mapay-mapay galengan implengan
Sapanjang bulan purnama
Baeu, Nyai Sri
Ieu kuring, ieu asih
Darpan Ariawinangun
ÉSIH NGADU’A
Ésih ngadu’a sangkan indung bapana léah
Daék ngawinkeun manéhna ka Otong tukang lisah
Lantaran Otong geus ngirim surat rusiah
Anu unina singget pisan
Terus terang Otong terang terus
Ésih nyuhunkeun hampura ka Gusti
Lantaran geus ngalamun katalanjuran
Nyipta Otong nunungtun domba
Diiring-iring mentri Kabinét Gotong Singa
Rék sésérahan tuluy ngawin Ésih kakasih satia
Tapi bet aya spanduk ageung pisan
Dukung Otong, calon bupati siap korupsi
Ésih sumegruk ka Gusti
Bari nganaha-naha jeung teu ngarti
Naha Otong hésé akur jeung calon mitoha
Padahal Otong lalaki jeung Ésih awéwé
Kawas Adam jeung Hawa nu dilungsurkeun ka dunya
Bari teu dibekelan brosur keluarga berencana
Ésih sumegruk: piraku Gusti julig ati!
2004
Téddy A.N. Muhtadin
AMBU
Lain indung mun teu surti kana jerit batin hiji lalaki.
Jerit nu mo gampang ditembrakkeun.
Jerit nu ngancik di satukangeun lalangsé haté.
Jerit nu ngaweuhan tur muni dina dada Ambu sorangan.
“Naha ieu téh geter purba
Atawa ukur pucuk awi nu béngbatan?”
Guruminda ukur tungkul.
Socana tembus ka Buana Panca Tengah.
Tapi bet matak hélok,
Aya mangpirang Ambu ngagupay di saban madhab.
“Ulah samar anaking,
Ambu ngeunteung di sakumna wanoja
anu ngeungkeuy ti garba ka pajaratan.
Moal eureun Ambu ngeunteung,
Méméh alam burakrakan.”
Simpé sakedapan.
Tapi Guruminda taya manah ngudar sila.
“Ulah ringrang anaking,
Saban eunteung nungtun jalan ka Ambuna.”
“Bral!”
2005
SAJAK PIKEUN SMA/MA/SMK
Godi Suwarna
SITUS NAGRI LAYUNG
dina hiji soré, sanggeus ringkang gararing digarang beurang
geuning anjog kalangkangna ka lawang leuweung karamat
létah nu karasa hangit ukur ngelun ngalisankeun sampurasun
dirampésan ku séah sora turaés, dihiap-hiap tonggérét
lalaunan rérégan mimiti peuray tina kalbu nu ngabatu
nincak lawang sakéténgna asa hanjat kana umpakan halimun
sirah ngebul; aksara jeung angka-angka, ringkang mojang,
sajak nu tacan parat dirumat, séwu rusiah nu teu kateguh,
sesebitan kayakinan, jadi saab tingkalayang tina tarang
kaseuseup ku rénghap daun, namper jadi bukur jempling
ngaligincing ngukur kujur tengahing dingding kakayon
jangkung mana tungtung hulu nu kungsi nyuhun purnama
jeung pucuk-pucuk kadaka nu antaré nyusud imut panopoé
geuning beuheung bet koropok balas nananggeuy babatok
nu beurat da leuwih rembet alahbatan sahunyudan alimusa
cunduk ka puseuring leuweung kagembang jumblengan waktu
kapireng kawih bihari gumalindeng ngaludang sakur katineung;
ngukir-ngukir kalakay katut sirungna, natah batu jeung lukutna,
nyusun ruruntuhan angin, nangtungkeun catang jeung pangpung,
ngajanggélék jadi hiji nagri agréng pangimpungan gebur layung
Nazaruddin Azhar
RIWAYAT HIJI LEMBUR
ieu lembur diwangun sanggeus durukan pareum
lebah pasir nu sumerah jadi lahan pasaréan
tatangkalan ajeg, solokan nyalingker hening
kuda-kuda dangah nyeuseup hawa sampalan
nu nyambuang ti landeuheun
maranéhna ninggal kolébat cahaya na daun séréh
pucuk salam, iwung awi konéng, jeung tapak hujan
dua-tilu urang ti antara salapan kamulyaan
ngagurat lemah ku kujang
saguliweng bulan turun mapay haseup parukuyan
tilu béntang gumenclang dina tayung juru tilu
“sang guriang tunggal di mandala bale agung
tarima pangbakti kami...”
kidung usum nungkus talun
aweuhan manjang na pantun
pétak-pétak huma jeung layung
pasemon nu sarwa gandrung
lajuning cahaya
réwuan sumbu patumbu hurung
riwayat dicatet sora
nyipta raratan carita
anjog kana jentréng panungtun
kadeudeuh ki juru pantun
“ieu kota diwangun
……….
tapi hamo bisa nyirnakeun
carita fana nu cikénéh dicaturkeun...”
2009
Wahyu Wibisana
GALUNGGUNG
Andekak tuur mumunggang dina jandéla
loma pisan. Lawas urang saampar carita
jaman hérang panon tuluy blung-bleng kanon
saréngséng beusi révolusi ngukuprak ngungsi.
Mangsa ruhak imah getih hayam jeung jelema
pada beureum diceungceurikan kembang wéra
ditéma ku kawah bubura luah panas
teu pajauh urang. Paadu tuur jeung catur
nepi ka mangsa manéhna itu jadi tatangga
kapireng omong gedig jeung gorowokna
(beuki ngarti urang téh angger cara baréto
sageuy guntreng urang bisa jadi gero diwaro)
Andekak tuur mumunggang dina jandéla
sono pisan. Urang tuluykeun carita baheula
meungpeung teu hujan dina waktu hujan naon ayeuna?
Ibun-ibun kahalimunan lir kecap-kecap urang
nyarumput dina pelong aduh ieung ka sorangan.
Hég urang pendem angen-angen jaradi dongéng
ngayang dina hiji lahan jaman kiwari:
aya urang ngalalakon di dinya jadi sakadang
ngajak mésem kana bohakna cadas gawir wétan
Bandung Jakarta mah di kulon moal rék nangenan
(beuki surti yén urang téh angger kieu
aya dina lalakon saules sumuh jeung baeu)
Pituinten, 070497
Dian Héndrayana
KUKUPU: JUNGJUNAN TEU GEURA SUMPING
Sumping deui kukupu gegeleberan. Cara sasari, nepangan téh
Bangun nu kedah baé muru wengi. Lah, da tos kajudi barina gé,
Enung. Moal teu kebek ku iber perkawis salira nu tangtosna
Sami nuju anteng mikangen.
“Geutah téh teuing ku cepel, Engkang, da kageugeut geuningan
nambihan bae,” kitu nu katampi tina rindatna soca kukupu.
Dilelekan ti awit sumping tug dugi kana sababaraha kali eunteup
Lebah rérégan, bet kukupu taya reureuhna hariweusweus nalatahan
Séwuning kakangen salira Enung, “Katampi, Jungjunan, éstu katampi.”
Bet kalah sumping angin peuting ngahiliwir. Ngeleterkeun rérégan
Sina anteng ririaban. Laju kapireng soanten Enung ngagentraan ti
Buruan. Dituturkeun ku lelembutan, paneuteup geus miheulaan eunteup
Na’ rérégan, “Kutan, naha ka mana ilangna kukupu nu bieu datang?”
Bet rérégan kalah anteng ririaban
Pébruari 2003
Yus Rusyana
MAD HALIL
Saha nu wani ngalalakian Mad Halil
Bedul jadug nu geus garung
Ku bedog geus atah adol
Saha nu kakunang-kunang cara Mad Halil
Nu geus mopok tuan kontrak
Dicangkalak kalah galak
Mad Halil si jadil
Si jago si jadol
Cadu aing deuleu mun sieun ku kapir bulé!
Mad Halil bakéro
Ku Jepang diuber-uber teu beunang
Wah pék baé bénjol
Cadu aing deuleu mun sieun ku kapir katé!
Jaman révolusi Mad Halil asup pasukan
Der barudak, déwék gé siap jero barisan
Mad Halil si jadil
Si jago si jadol
Ali jendil nyekel bedil
Sabiluloh dak!
Mad Halil si jadil
Si jago si jadol
Gempur dak, gempur!
Tah caduk aing hakaneun sia anjing nika!
Patroli mana nu teu sowak ngadéngé ngaran Mad Halil
Mad Halil godperdom!
Ku pélor gé henteu kojor!
Hayoh dak
Engké ku déwék dipangmetingkeun widadari nu jekékan
Da déwék mah geus ompong geus teu teurak nyetrok térong
Mad Halil jenatna Mad Halil
Beunang ku patroli di Cibarégbég
Awakna dipancir ku tangkal sélong
Ditémbak lebah elak-elakanana
Jedar!
Euak, cuah!
Haramjadah!
Sajak Sunda
Posted by Unknown
02:49, under |
0 Komentar Blogger